Live Pukul 08.00 - 24.00 WIB. Hits Alternative 90-an dan Slowrock

Macet Jeung Bukber

‎Bulan puasa ka puasa deui, loba anu kudu dicaritakeun. Sok sanajan jejerna éta deui éta deui. Keur ukuran urang salaku jalma anu geus ngatranformasikeun diri tina masarakat rural ka neo-urban ngan dua pasoalan anu jadi jejer carita salila bulan puasa: kamacétan di jalan jeung bukber.

Lima taun ka tukang, kuring kungsi ngomong ka babaturan, harita bulan puasa, " Jigana, lima taun kahareup mah anu ngaranna jalan ogé gang leutik bakal padedet ku kandaraan, Kang!" Teu kudu disebut ramalan, éta mah éstuning analisa kuring nalika nalingakeun kaayaan di jalan waktu harita.

Lima taun ti saprak éta ucapan, bulan puasa geus asup kana poé katujuh, kuring rék aya perlu, balanja ATK ka toko AA anu pernahna aya di jalan raya. Lain bohong anu ngaranna motor jeung mobil padedet minuhan jalan. Ngeteyep silih sedek. Jalma-jalma ogé euyeub minuhan jalan, ceuk urang Jakarta mah "tumpah ruah". 

Keur ukuran Kota Sukabumi, anu can nepi kudu disebut metropolitan, kamacétan samodél kitu can bisa disebut hal wajar. Ngan lamun niténan kaayaan kota-kota di nagara ka tilu, kamacétan mémang mangrupa kajadian sapopoé. Ieu dilantarankeun ogé ku kawijakan di nagara-nagara katilu.

Disebut nagara katilu, lain saukur metafora kecap atawa idiomatik. Ieu bener-bener nuduhkeun lamun jalma atawa masarakat anu hirup di nagara katilu boga tilu habitat; di imah, di jalan, jeung di pagawéan. Lamun diitung-itung mah, kurang leuwih saparapat umur jalma dibéakkeun di jalan jeung di pagawéan. Imah ngan saukur tempat mulang, reureuh sababaraha jam, geus kitu ditinggalkeun deui baé. Teu béda jauh jeung kontrakan atawa kamar hotél. 

Leutik pisan pangaruh, sanajan harga BBM apung-apungan ogé, jalan tetep baé macét komo nalika bulan puasa geus nincak kana tanggal lilikuran. Jalma-jalma neo-urban ti Jakarta baralik ka lembur, bari mawa budaya metropolis, anu sapopoéna teu bisa pisah jeung kamacétan. 

Dina tanggal lilikuran, disampurnakeun ku acara buka bersama. Tempat-tempat kuliner heurin usik. Méméh magrib ogé mobil geus ngajajar di tempat parkir. Minangka ukuran kasuksésan gawé salila sawelas bulan. 

Méméh réformasi mah kabiasaan buka bersama téh dilakonan ku barudak sakola di sakolaan. Ayeuna mah jalma anu umur geus nincak wanci sariak layung ogé anclub ngabiasakeun buka bersama jeung komunitasna. Lamun teu kitu? Inggis disebut katinggaleun jaman.


Dikirim dari ponsel cerdas BlackBerry 10 saya dengan jaringan Indosat.

Posting Komentar untuk "Macet Jeung Bukber"