Live Pukul 08.00 - 24.00 WIB. Hits Alternative 90-an dan Slowrock

Jaman Internet

Ngaréngsékeun pancén ti dosen, arék nyieun makalah atawa paper, dina tungtung taun 1990-an masih diketik ku mesin ketik manual, anu sorana bebeletokan. Capéna lain nalika ngetik wungkul, ogé kudu néangan référénsi ka perpustakaan, ngumpulkeun welasan buku, terus diserat dina buku tulis ngeunaan téori-téori anu aya dina buku anu dijadikeun référénsi. Can wanoh jeung internét, komo ka mbah google mah. Da mimiti internét aya ogé, dina taun 1998 masih kawilang - ngan dipaké ku perusahaan-perusahaan badag. Éta ogé saukur digunakeun keur ngecék e-mail anu asup. Rongkah pisah ikhtiar jeung usaha mahasiswa jaman harita dina nedunan pancén ti dosen téh, ceuk paribasa mah, bélaan kaluar késang badag késang lembut.

Mimiti aya warnét di Sukabumi dina taun 2002, kawilang langka, da anu mindeng didatangan téh nyaéta warnét anu deukeut Capitol. Kajaba langka, ogé masih kawilang mahal. Sajam ‘ngenét’ kudu mayar Rp. 7.000,-. Henteu paduli, sanajan mahal tetep diudag, da hayang maca iber ti sababaraha média anu geus boga situs. Harita mah, lamun aya jalma geus wanoh jeung internét bisa disebut ahéng. Muka Yahoo, nyieun email tina Yahoo, chating dina Yahoo Messenger atau MiRC. Ka dieunakeun dititah ku babaturan sa-SMA nyieun Friendster, da loba alumni SMANSA anu baroga FS, antukna sanggeus miboga FS bisa panggih deui jeung babaturan SMP ogé SMA dina dunia maya.

Waktu SMA mah ngirimkeun naskah seratan ka média ogé kudu langsung dikirim ngaliwatan kantor Pos. Sababaraha tulisan, dina awal taun 2000-an dikirim ka Republika, HAI, Aneka Yess, Tabloid GO, jeung Majalah ANNIDA. Dikirim éstu belegedegan hasil ngetik tina mesin ketik manual. Lamun hayang ngetik dina komputer kudu ulin ka babaturan atawa ka rental di Jl Ottista. Sok ditatanyakeun ka babaturan anu gawéna deukeut ka loper Koran. “ Cing pang tinggalikeun, aya tulisan kuring anu medal bulan ieu henteu?” Ceuk kuring ka babaturan. Anu jadi babaturan surti, sok langsung ka imah mawa koran atawa majalah anu medalkeun tulisan kuring. Ari kana Tabloid GO mah cukup nanya ka Mang Jajat, da manéhna langgapan tetep éta tabloid olahraga. Sok ngabéjaan, “ Tulisan énté dimuat!” Cenah. Lamun geus meunang iber kitu, sok karasa bungah, kari ngadagoan aya wesél ti kantor pos mangrupa honor dina tulisan. Sakapeung mah ku sababaraha média sok dibéré kaos sagala. Tulisan mémang bisa ngahasilkeun duit.

Balik deui kana internét, dina taun 2003-2007, sangkan internétan murah malah lolobana mah teu kudu mayar, kuring sok ngadon ngenét di warnét Kopegtel Telkom. Operatorna babaturan SMA, malah Asistén Ménéjérna ogé sarua sakelas keur diuk di SMA. Saminggu aya kana tilu nepi ka opat kalina, lain sakeudeung-sakeudeung, ti wanci haneut moyan bisa nepi ka wanci sareureuh budak. Malahan bisa nepi ka ngéndong di warnét sagala lamun malem Minggu mah. Pohara raména anu daratang ka warnét, lolobana barudak SMA, ngagawéan tugas ti anu jadi guru, ngopi paste anu aya dina internét, kari ngédit, diprint, dijilid, jadi baé makalah. Jilidna diseratan, dikerjakan oleh: ANU.. Padahal ngan saukur mindahkeun tulisan anu aya dina internét kana kertas. Henteu capé, saukur mayar séwa internét jeung ngeprin ngajilid wungkul. Pancén ti sakola anu sakuduna réngsé saminggu téh bisa réngsé satengah jam.

Dina taun-taun harita mah, lamun panggih jeung babaturan sakola anu ditanyakeun lain nanaon; Boga Friendster atawa boga YM teu? Éta ogé lamun panggih jeung babaturan anu geus beunta kana internét. FS jeung YM mahabu, jadi média sosial primadona, trén pisan, lamun jalma boga FS hartina geus wanoh kana internét. Yahoo Messenger ogé bisa diintegrasikeun jeung nomor HP harita mah, jadi lamun henteu YM-an dina komputer ogé bisa dilakukeun dina HP via SMS. Henteu mahal, ngan Rp. 10.000,- keur sabulaneun.

Henteu béda jeung jalma, média-média sosial ogé ngalaman jaman kajayaan jeung waktu titeuleumna. Friendster umpamana, keur barudak generasi 80-an mah karasa pisan kumaha jaman kajayaan éta média sosial. Ramé diguar , ramé ditatanyakeun. YM ogé kitu, média keur ngobrol dina dunia maya, babaturan narambahan, anu asalna henteu wanoh jadi wanoh. Malah sok aya anu nepi ka kopdar sagala. Jadi ras inget kana kalakuan nonoman taun 70-80an, anu sok ngebrik atawa rorojéran. Sok biasa ngayakeun kopi darat jeung babaturanna. Jaman kajayaan dua média sosial saperti FS jeung YM aya watesna, nalika dina taun 2008 katompérnakeun, Facebook mimiti sumebar. Hiji média sosial anu asalna mah dipaké ku para mahasiswa Universitas Harvard. Geus pasti, ngaran Jonathan Abrams anu nyieun FS henteu saimbang jeung dipikawanohna Zuckenberg ku balaréa. Révolusi Facebook anu geus lumangsung ti taun 2003 (masih dibéré ngaran facemash) nepi ka ayeuna geus digunakeun ku 1,278 milyar urang. Lamun diumpamakeun, jumlah anu ngagunakeun facebook aya saluhureun jumlah warga India, nomer ka dua tina populasi penduduk dunia sahandapeun China.

Nasib FS leungit komara nalika jalma-jalma parindah kana média sosial anu ngaranna FB. Di mana-mana anu ditanyakeun nyaéta: Manéh boga FB henteu? Kakoncarana FB ieu sabanding jeung kakoncarana jalma anu nyieunna, Mark Zuckenberg, ku FB ieu, manéhna geus jadi salah saurang milyarder anyar. Ceuk isitilah élmu alam mah, moméntumna pas pisan. Ti mimiti internét mahabu, geus diprédiksi ku Toffler, malah dina buku A Future Perfect disebutkeun, jalma-jalma beunghar anyar bakal lahir di jaman internét, usaha dina widang internét khususna anu aya hubunganna jeung start-up bakal mahabu. Dina hiji paragrap disebutkeun, kusabab jaman internét mangrupa hiji kamajuan anu bakal ngaruntuhkeun témbok tradisi, ieu sabenerna lain mangrupa musuh tapi mangrupa kanyataan hirup anu bakal ngamajukeun cara jalma dina mikir.

Sarua jeung FS, Yahoo Messenger anu kungsi jadi raja média chating ogé, ayeuna geus henteu hibar deui pamorna, éléh ku Whatsapp, BBM, jeung Facebook Messenger. Anu ditanyakeun lain akun YM deui, tapi : Sabaraha PIN BBM? Ampir kabéh jalma , utamana generasi 80-90an mah miboga akun Whatsapp jeung BBM, aya ogé anu miboga opat aplikasi média sosial Linkedin, Line, twitter, jeung Istagram. Hiji jalma jeung anu séjénna geus kahubungkeun ku jaringan nirkabel. Réang ngawangkong lain di warung kopi deui, tapi di hiji warung global anu disebut média sosial. Sagala nyampak ngan henteu nyata. Malah, jalma anu keur diuk padeukeut ogé geus jarang ngomong ku basa verbal, cukup ngaBBM , ngedalkeun eusi haténa. Di jalan sabari leumpang jalma-jalma mokuskeun panénjo kana ponsél pinterna, dina mobil juprat-jeprét ku kaméra ponsél, uploadkeun, béwarakeun ka balaréa lamun di Jalan ‘Anu’ keur meujeuhna macét. Sakapeung mah anu ngaranna kamajuan téh mémang merenahkeun jalma jadi mahluk-mahluk anti sosial dina kahirupan nyata, sanajan médiana sorangan disebut média sosial.

KANG WARSA

Posting Komentar untuk "Jaman Internet"