Live Pukul 08.00 - 24.00 WIB. Hits Alternative 90-an dan Slowrock

Palsu

Naon anu teu palsu dina hirup jaman kiwari? Nepi ka paripolah diri sorangan ogé jigana palsu. Pinuh ku kapura-puraan, pura-pura bageur, soléh, jeung handap asor, padahal haté dipinuhan ku sikep sirik, pidik, jail, aniaya, jeung kagoréngan.

Geus puguh poto profile ogé hasil meunang malsukeun da meunang nga-edit ku photosop, halis jeung bulu mata ogé palsu, anu ipis dikandelan, anu kandel dikerok diipisan. Malahan naon anu dipaké ogé teu jauh dina kamuflaseu, mérek tas, kaos, calana, jeans, sapatu ngan saukur mérek wungkul hasil nyablon. Meuli Versace asli mah asa pamohalan bisa kabedag.

Anu dibaca jeung dibagikeun iber palsu, ceuk barudak ayeuna mah hoax téa disebutna. Malahan asa tara dibaca eusina, cukup maca judulna langsung baé éta hal-hal anu palsu dianggap bener.

Anu asli dina diri urang ayeuna ngan hiji, yén urang mémang mangrupa mahluk anu dipinuhan ku kapalsuan. Ngan ulah percaya ka kuring, da seratan ieu ogé jigana mah palsu.

Kang Warsa (KW=Palsu)

Posting Komentar untuk "Palsu"